9/04/2012

Dongeng: Sasakala Gunung Putri


Aya hiji karajaan anu kacida suburna. Rahayatna senang hirupna taya kakurang. Patani hirupna mupti. Hasil tatanenna tara kungsi gagal.
Ari rajana kagungan murangkalih istri, geulis kawanti-wanti. Disarebutna teh sok Nyai Putri wae, keur geulis rapekan deuih. Ngan aya hanjakalna, Nyai Putri teu kersaeun wae kagungan caroge. Eta oge ari jajaka anu datang ngalamar mah henteu kurang, ngan saurang oge taya nu ditampa. Lamun ditaros ku ramana, Nyai Putri ukur ngawaler “Teu acan aya nu cocog sareng lelembutan.”
Kacaritakeun aya hiji Raja ti Nagara Sabrang anu ngarasa nyeri hate dumeh panglamarna ditolak ku Nyai Putri. Eta Raja geus sababaraha kali ngutus patihna pikeun ngalamar Nyai Putri, tapi salawasna ditolak bae.
Raja Nagri Sabrang rek maes kanyeri. Nya terus wae ngumpulkeun tukang sihir. Maksudna rek sina nyihir Nyai Putri jeung sapangeusi nagarana
Saenyana pamaksudan Raja Nagri sabrang kungsing dihalang-halang ku patihna. Tapi eta raja teu ngawaro kana eta nasehat. Sabab kekeuh wae haying mulangkeun kanyeri.
Dina hiji waktu, bring wae rombongan Raja Nagri Sabrang arindit, dibarengan ku tukang sihir. Ari anu dijugjugna nyaeta tempat matuhna Nyai Putri.
Kangaranan tatamu, rombongan ti Nagri Sabrang pohara dihormatna. Ngan hanjakal, bet nu asih dipulang sengit. Raja Nagri Sabrang nitah tukang sihirna sangkan buru-buru nyihir Nyai Putri. Harita keneh Nyai Putri robah jadi gunung. Kitu deui ramana. Nyai Putri katut sapangeusi karajaan disihir jadi leuweung geledegan.
Sanggeus kitu mah Raja Nagri Sabrang mulang. Ngan hanjakal manehna katut rombongan teu bisaeunballik, da terus kasarung dijero leuweung sakitu haben kukurilingan neangan jalan oge kekeuh wae teu manggihan. Da leuweung sakitu rembetna, tungtungna Raja Nagri Sabrang jeung pangiringna kalempohan, tepi ka maotna.
Tepi ka kiwari eta gunung masih aya. Ku rahayat dibere ngaran Gunung Putri.

3 komentar: