9/02/2012

Pidato Bahasa Sunda: Watek Budaya Sunda


Assalamu’alaikum wr. wb.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa riung mumpulung dina kasempatan ieu.
Para saderek sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun biantara ngeunaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura Jawa Barat jaman Walanda, taun 1935-an.
Ngaran tarling can dipake dina rupa aliran music. Keur eta ngaran anu dipake nyebut rupa music eta diwewengkon Pantura nyaeta “Melodi Kota Ayu”, sedengkeun keur wewengkon Cirebon nyaeta “Melodi Kota Udang”. Ngaran tarling diresmikeun pas RRi mineng nyiarkeun rupa music eta pas tangga 17 Agustus 1962 ku Badan Pemerintah Harian (ayeuna mah DPRD).
Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dipikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh kedah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , hapunten bilih aya kata nu kirang merenah kana manah, hatur nuhun kana perhatosannana, mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
Wassalamualaikum wr. wb.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar