Tampilkan postingan dengan label Drama. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Drama. Tampilkan semua postingan

4/09/2013

Drama Bahasa Sunda: Virus DuMay


     Dihiji lembur nyaeta Desa Suka Galau, warga-wargana kaserang virus nu leuwih bahaya alah batan virus H5N1 nyaeta “Virus DuMay” alias Dunia Maya. Teu budak teu kolot sibuk nguruskeun Facebook, Twitter, jeung BBM-an. Aya hiji kulawarga nu bener-bener kaserang virus DuMay stadium opat tingkat kabupaten nyaeta kulawarga Haji Usep Kurasep juragan sapi di Desa Suka Galau. Manehna miboga pamajikan nu ngaranna Nyai Unah jeung dua budak awewe nu eksis di Facebook ngaranna Julia jeung Juleha.
BABAK I
     Hiji poe diteras imahna Haji Usep keur ngadaweung bari ngopi, teu kungsi lila pamajikanna datang bari sibuk ngome HP.
H. Usep: kamarana barudak teh geus burit kieu can baralik?
N. Unah: nya kuliah atuh pih, biasana oge pan balikna the sok burit wae. Sipapih mah sok api-api poho kitu.
H. Usep: yeh lain api-api, ari beneran poho. Maklum we atuh da kami the geus kolot.
N. Unah: kami? Papih we olangan da mamih mah ngora keneh, ceuk babaturan facebook mamih oge mamih mah baby face ceunah. Maenya mamih disangka budak kuliahan keneh pih.
H. Usep: hah babi? Dadaekanan si mamih disaruakeun jeung bagong. Eh eh… naon mih, facebook? Ngaran grup arisan mamih eta the?
N. Unah: ih lain babi pih, baby. Baby the basa inggrisna orok, intina mamih the kaciri ngora kitu pih. Eleuh eleuh… maenya facebook wae teu apal, use ah papih mah. Itu gening pih tempat urang keur neang babaturan. Urang teh bisa kenalan jeung batur ti Sabang nepi ka Merauke, ditambah deui bisa kenalan jeung batur di saluruh dunya ieu. Yeuh pih matak sapi urang payu teh pan ku mamih dipromosikeun di facebook jadi we kasohor kapan Sapi Haji Usep Kurasep the. Eh pih, engke mah gantinya ngaranna jadi Sapi Facebook Dot Com.
H. Usep: (ngan ukur ngahuleng)
     Keur kitu dua budak awewena Julia jeung Juleha datang.
Julia & Juleha: (gek diuk gigireun bapana bari sibuk ngome HP)
H. Usep: budak the datang-datang lainna ngucapkeun salam ngadon langsung gek diuk.
Julia: oh enya hilap. Maklum pih kami nuju sibik wall-wallan.
Juleha: jadian deui yu the datangna.
Julia: hayu hayu… (bari nuturkeun bujur adina)
Julia & Juleha: assalamualaikum… ya ahlil kubur.
H. Usep: yeh puguh da ieu teh dikuburan, teu baleg wae budak teh. Eh eh… naon li wall-wallan? Bapa mah teu ngarti.
Juleha: eta pih ngirim dinding.
H. Usep: emang bias dinding dikirim dinu HP?
N. Unah: astagfirullahaladzim… boga salaki the udik pisan. Teu nyaho mah cicing we.
Julia: ajarkeun geura mih si papih the meh teu ngerakeun!
N. Unah: eh ulah ah, engke kanyahoan atuh mamih mun boga kenalan lalaki the (sabari ngaharewos).
BABAK II
     Ditempat nu sejen aya dua pamuda nyaeta nyaeta Riko jeung Dadang nu keur sibuk masing-masing, nuhiji sibuk ngome HP, nu hiji sibuk ngahuleng teuing naon nu dihulengkeunna.
Dadang: Ko, urang mah sirik da ka maneh, maneh mah meni loba nu nu bogoh naon sih rahasiana? Uang ge hayang atuh boga kabogoh the da bosen melajang wae mah.
Riko: (kalah tungkul we da serius ngome HP)
Dadang: yeh kalah disuukin bin dikacangin. Oh kitu nya ayeuna mah maneh the meni embung nulungan urang.
Riko: (kalah sura-seuri)
Dadang: yeh ari maneh batur susah teh kalah diseungseurikeun (sabari mawa HP nu dicekel ku Riko).
Riko: cicing tong ngagannggu wae bisi dituar (sabari mawa HP nu direbut ku Dadang), teu nyaho batur keur senang maneh mah Dang, urang the keur kokomenan jeung My Bebeph nyaho.
Dadang: atuh da titatadi urang ngomong teu didengekeun wae. Eh Ko, ajarkeun atuh facebookan the. Urang mah teu ngarti. Rek neangan jodo yeuh!
Riko: oh maneh the teu boga facebook nyah? Asa kukarunya teuin. Hari gini teu boga facebook facebook acan? Cape deh!
Dadang: pang nyieunkeun atuhnya. Eh eh… ngaranna ulah make ngaran asli urang nya, ngaran maneh wae meh loba awewe geulis nu ngaadd.
Riko: yeh atuh kitu maneh mah Dang.
     Kusabab karunyaeun si Riko mang nyieunkeun facebook jang si Dadang. Ku sabab haying gancang meunang kabogoh Dadang jadi remen facebookan, beuki lila Dadang kaserang virus DuMay oge.
     Hiji poe manehna kakara inget neang info ngeunaan awewe pujaanna nyaeta Julia, di search manehna ngetik ngaran Julia Anak Juragan Sapi sanggeus kapanggih langsung we di add.
BABAK III
     Teu beurang teu peuting Nyai Unah, Julia jeung Juleha pasti we facebookan.
     Dikamar Julia sura-seuri sorangan. Adina, Juleha nu kasieunan buru-buru ngelingkeun lanceukna.
Juleha: the kunaon S3 kitu? Wah wah… curiga, istigfar the istigfar…
Julia: ih maneh mah teu daek cicing pisan leha! Naon atuh puguh da urang the kasurupan dititah istigfar. 
Juleha: sukur ari teukasurupan mah (sabari ngelus dada).
Julia: eh leha, difacebook boga babaturan nu ngaranna Riko Part II teu?
Juleha: duka the asana mah henteu. Kunaon kitu?
Julia: si Riko-Riko Part II eta the menta nomor HP teteh, ceunah mah urang teh sakampus jeung manehna. Ceunah mah manehna teh remen ningali teteh, tapinda teteh mah teu apal ka manehna.
Juleha: nya tingali atuh foto-fotona teh!
Julia: tah puguh eta masalahna teh, PPna oge kalah ku gambar tulisan “ga pake foto dulu, beungeutnya lagi diseseuh” ceunah. Ditingai di albumna g eweuh foto hiji-hiji acan, jigana mah kasep pisan si Riko-Riko Part II eta teh nepikeun ka embung pamer poto di facebook. Jeung deuih jiana mah manehna teh anak band pedah we statusna teh ngomongkeun wae soal musik. 
Juleha: anak ban? Buleud atuh bias digorolongkeun.
Julia: teuing ah ngan gehu haneut nu ngarti perasaan teteh ayeuna.
BABAK IV
     Beuki lila Julia beuki akrab wae jeung Riko Part II nepikeun ka Julia jeung Riko Part II teh jadian sanajan maranehna can pada papanggih, heug teh status hubunganna dicantumkeun di facebook.
N. Unah: Juli…!
Julia: kela sakedap mih!
Juleha: kunaon mih si teteh? kunaon?
N. Unah: (teu ngajawab)
Julia: kah mih? (sabari nyampeurkeun N. Unah jeung Juleha)
N. Unah: naon ari maneh geus kawin Juli?
H. Usep: Naon mih? Papih teu salah dangu yen si Juli teh geus kawin?
Julia: henteu mih pih sumpah.
N. Unah: terus ieu naon sok status hubungan menikah jeung Riko Part II (sabari nunjukkeun HP)?
Julia: oh eta, atuh da hereuy eta mah mih.
H. Usep: tuh da si mamih mah sok heboh tiheula, piraku we atuh si Julia teh kawin teu menta restu ka urang, pan urang teh bapana, bener teu penonton?
BABAK V
     Hiji poe di kampus Julia ceceuleuweungan sorangan bakat ku sono ka Riko Part II alatan teu ngawall jeung ngainbok ka manehna.
Julia: penonton dimana nya kabogoh abi? Haying da nulis i miss u di batu bata terus dialungkeun ka manehna sangkan manehna teh nyaho nyeriii sono ka manehna teh.
     Teu jauh ti tempat Julia ceceuleuweungan sorangan katenjo Riko nu keur asik gigitaran.
Juleha: teh, tuh nu itu tuh nu ngaranna Riko-Riko teh
Julia: wah kasep geuning! (nyampeurkeun Riko, gek diuk digigireunna sabari nangkeup leungeunna)
     Babaturan Riko nyaeta dadang ujug-ujug nyampeurkeun Riko jeung Julia.
Dadang: heh ko!
Riko: hai bro! (sabari ngeureunkeun gigitaran)
Dadang: brat brot brat brot ai maneh keur mencret sugan? 
Riko: ai maneh kunaon?
Dadang: keur naon maneh jeung kabogoh urang ko?
Riko: (ngalieuk ka Julia)
Julia: hah? Kabogoh?
Dadang: muhun kabogoh, piraku neng Juli tos hilap ka aa?
Julia: ih nya duka, saha maneh? Juli mah teu rumasa gaduh kabogoh goring patut jiga didinya barina ge. Kabogoh Juli mah da Riko, nya yang? (bari nanya ka Riko)
Riko: ih teuing da Riko mah teu rumasa bobogohan jeung didinya, barina ge apal nami ge henteu yey ngaku-ngaku.
Julia: terus naha atuh cicing wae ditangkeup ku Juli teh?
Riko: terus urang kudu salto? Nya lumayan we aya awewe geulis nangkeup mah tong disia-siakeun, rezeki ti Allah eta teh.
Julia: didinya nyieun kuring kuatka gogodeg! (sabari ngaleos balik ka imah)
Dadang: neng Juli…. (slow mode on)
     Pas Dadang jeung Riko ngudag-ngudag Julia  teu disangka teu diduga Dadang jeung Riko paamprok  jeung Juleha.
Juleha: kang Dadang?
Dadang: eh Leha, aya naon?
Juleha: nuju acting jadi nu gelo nu lulumpatan bari cocorowokan di jalan nya kang?
Dadang: ih henteu Leha, akang teh nuju ngudag eteh-eteh itu tuh (sabari nunjuk ka Julia)
Juleha: teh Julia? Atuh itu mah eteh Leha kang.
Dadang: atuh geuning teu mirip nya?
Juleha: maklum kang bungsu mah dedekna. Na kunaon kang make jeunh ngungudag teh juli sagala? Nuju ucing-ucingan nya? Meni teu ngajak-ngajak ih ka Leha!
Dadang: ih nya lain atuh! Caritana panjang Leha, ayeuna mah urang susul heula we teh Juli na, engke di jalan dicaritakeun. (terus lumpat (slow mode on))
     Sapapanjang jalan Dadang jeung Riko nyaritakeun salah paham eta ka Juleha. Nepikeun ka Juli eureun di teras imahna. Dadang jeung Riko ngajelaskeun salah paham ka Julia, akhirna Julia ngahampura.
     Teu lila pas rek asup pisan ka imah Haji Usep, aya sora awewe nu keur ceurik, nu teu ayal teu bukan teh Nyai Unah.
Julia & Juleha: kunaon mih? (sabari nyampeurkeun)
N. Unah: mamih katipo ku kenalan mamih di facebook, manehna teh pesen 15 sapi dikirim keur manehna, ari nu di bayarna teh ukur ongkos kirimna hungkul, ngomongna mah minggu ieu teh rek dibayar. Pas kamari didatangan ka tempana da eweuh nu ngaranna eta ceunah.
Dadang&Riko: terus facebookna tos ditinggal teu acan mih?
N. Unah: acan da facebookna ge tutup akun.
H. Usep: nya… ceuk papih oge jang naon facebookan-facebookan teh ngaranna ge dunia maya, identitas-identitas nu diasupkeun teh can tangtu sarua jeung aslina.  Ayeuna mah omah penonton… sanguan!

TAMAT

4/21/2012

Drama Bahasa Sunda: Culik

     Di buruan imah Nini Uti katenjo loba jelema ngagimbung mani guyur. Sora nu ting corowok recok teu puguh kadengena. Ka teuing aya nanahaon. Urang tinggal langsung di TEKAPE.
(Torojol Pa RT di iringkeun ku Hansip)
Hansip: cing hiling bere jalan, kami rek asup.
(Jalma-jalma nu ngarogrog dilawang panto nyalingray, sup Pa RT ka jero)
Pa RT: wayah kumaha leungitna budak teh?
Nini Uti: ka teuing. Kanyahoannana mh bieu we magrib eweuh ngampih.
Pa RT: hmh….
Nini Uti: panguruskeun be Pa RT ka inyah. Kami mah batan sakieu rarempona. Heug bapana can datang.
Pa RT: kamana kitu?
Nini Uti: biasa we ka gunung nyiar dagangan.
(Hansip milu nanya)
Hansip: eta sugan, wayah kumaha mimiti teu tembongna? 
Nini Uti: wayah kumahanya, Imik?
Imik: (bari ceurik) ti bada lohor, tas balik sakola we meureun. 
Hansip: naha geuning meureun?
Pa RT: henteu kungsi diambeuk budak teh? Heg minggat sugan.
Imik: (asa-asa) ah…hen…teu…. 
Pa RT: tong asa-asa. Sugan wejadi pituduh geusan nyeleser neangannana.
Hansip: enya, Nyi, tong sieun-sieun.
Nini Uti: kungsi di gelendeng henteu si Edah the ku maneh?
Imik: atuda duit pamulangan SPP di jajankeun. Tuman. Di ceprot we!
Sararea: euh… meureun.
Pa RT: minggat jigana mun kitu mah.
Hansip: moal salah deui Pa RT kana kitu ieu mah. Budak di enod mah kitu, teu paya di getrik.
Pa RT: geus ditanyakeun ka babaturan ulinna?
Imik: atos. Teu, teu aya nu manggihan cenah.
Pa RT: aya baraya di tempat sejen?
Nini Uti: komo we. Di Cisulung aya, di Cibedug boga. Tapi da sakitu jauhna, bebenjit karek kelas hiji mah moal ge ludeungeun. Atuh eta tah di lembur beulah kaler, aya nu jadi Akina. Heeuh si Somad besan Nini.
Pa RT: tah, tah…. Kumaha kadinya geus di paluhur?
Nini Uti: enggeus. Areuweuh-euweuh acan jelemana oge, keur neang nu ngajuru ceunah.
Pa RT: euh….
(Jeda)
Pa RT: keur usum culik puguh ayeuna teh. Loba kabejakeunnana.
Nini Uti: enya sieun ku culik we ema mah.
Hansip: muhun Pa RT, nuju usum culikayeuna the. Tos seeur kajantenan barudak awewe dicarulik, di arah sumberna. Perhiasanana weh pokona mah. Ngawitan budak teh       diolo perhiasanan. Tos kenging mah,leoswe maneh na ngiles. Cul we budakna mah ditinggalkeun. Apam minggu kamari oge putra Pa Mantri nyaho-nyaho aya nu nganteurkeun weh ti Pasar Baru ceunah, kapanggih keur ngadingdiut we di lantai dua.ari pek the, nyaeta kitu, aya nu nyulik.
Pa RT: ari eta budak teh, make emas henteu?
Imik: nganggo. Sumber!
Hansip: moal boa….
Pa RT: kieu we ayeuna mah. (ngalieuk ka Hansip) maneh indit ka Pasar Baru atawa ka Kebon Kalapa atawa kamana bae sakirana tempat nu rame Bapa jeung sarerea rek neangan di dieu. Bisi titeuleum tea. Bisi kumaha tea.
Hansip: mangga. Aeh, moal dibewarakeun kitu kana radio?
Pa RT: hmh (kerung)
Sarerea: bener,bener alus. Perlu atuh.
Pa RT: hayu urang teangan ku sarerea. Nu boga patromak cokot heula, bawa kadieu!
     Teu lila geus raang patromak, ditambah sababaraha obor bring ka lio. Kabeh sumur lio di turunan disasaran. Berekah teu manggih nanaon, ari lain bangkong mah.
     Kurunyung teh Aki Somad mani norojol. Lantera nu dijingjingna oge mani gugulawingan.
Aki Somad: keur nareangan naon ieu the Pa RT?
Pa RT: ari aki pan incu aki leungit!
Aki Somad: baruk leungit? Si Edah?
Pa RT: enya!
     Ngan Barakatak weh Aki Somad mani pipingkelan.  
Pa RT: naa aki kalah seuri, incu leungit the?
Aki Somad: di bawa ku aki si Edah mah ka Cisulung, neang bibina ngajuru. Pan kami oge balik tiditu ieu the. Rek terus mareuting barudak mah, da nalik mah pimanaeun, sakieu laleueurna kapan?
Pa RT: ya salam…!
     Blus we Aki Somad jeung Pa RT kajero imah Nini Uti. 
Pa RT: tah ieu yeuh Aki Somad nu nyulik si Edah teh.
Sarerea: beuh…. Geuning akina sorangan nu nyulik si Edah the.
     Aki Somad ngan barakatak seuseurian. Leos eta, kurunyung teh Hansip.
Hansip: teu kapanggih si Edah teh Pa RT. Kumaha teang deui wae kitu?
Pa RT: geus teu kudu di teang deui da geus kapanggih si Edahna ge katut jeung nu nyulikna ongkoh.
Hansip: Alhamdulillah atuh ari geus kapanggih mah. Mana atuh culikna? Geus di ka Bale Desa keun?
Pa RT: (nunjuk ka Aki Somad) ieu yeuh nu nyulikna, akina sorangan.
     Aki Somad ngan barakatak seuseurian. Akhirna teh nu di sangka-sangka si Edah di culik teh geuning ngan salah paham wungkul gara-gara Aki Somad jeung Edah teu bebeja ka Nini Uti jeung ceu Imik yen maranehna rek neang bibina Edah nu keur ngajuru ka Cisulung.