4/22/2013

Kelas X

Semester 1

21 Juli 2010

Aksara Sunda

1.       Aksara Ngalagena

2.       Aksara Vokal

3.       Angka

Angka di tulis di jero 2 garis.

4.       Tanda-tanda nu dipake ngarobah aksara ngalagena.

-          Panghulu:  gunanana pikeun ngarobah sora a jadi  sora i.

-          Panyuku: gunanana pikeun ngarobah sora a jadi sora u.

-          Pangwisad:  gunanana pikeun nambahan sora h ditungtung.

-          Panyecep: gunanana pikeun nambahan sora ngditungtung.

-          Panglayer: gunanana pikeun nambahan sora r ditungtung.

-          Panyakra: gunanana pikeun nambahan sora r ditengah.

-          Pamepek: gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora e.

-          Paneuleung: gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora eu.

-          Paneleng: gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora é.

-          Panelong: gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora o.

-          Gunana pikeun ngaleungitkeun vocal.

5.       Pungutasi

a.       Tanda baca make system tanda baca latin.

b.      Tanda sambung make tanda sambung uni kode.

29 Juli 2010

-          Panyiku: gunana pikeun nyelapkeun l di tengah.

-          Pamingkal: gunana pikeun nyelapkeun y di tengah.

Kalimah sampurna nyaeta kalinah nu diwangun ku klausa bebas tur lengkep  atawa sakurang-kurangna miboga jejer jeung caritaan. Kalimah sampurna aya dua rupa:

1.       Kalimah sampurna susun baku nyaeta kalimah anu jejerna miheulaan caritaan .

Conto:

Udin indit                       ka sakola.

jejer kecap pagawean ket. tempat

2.       Kalimah sampurna susun balik nyaeta kalimah anu caritaannana miheulaan jejer.

Conto:

Indit kasakola udin kamari.

Kalimah teu sampurna nyaeta kalimah anu diwangun ku saunsur, jejer hungkul, caritaan hungkul atawa kecap  atawa prase bebas sejenna.

Conto:

Udin!

4 Agustus 2010

Tata wangun basa sunda

1.       Kecap asal

2.       Kecap rundayan

3.       Kecap rajekan

4.       Kecap memet

5.       Kecap wancahan

Informasi aya dua rupa nyaeta:

1.       Warta: hiji informasi anu sipatna actual

2.       Non warta: informasi anu datangna atawa ayana kumaha kabutuhan.

29 September 2010

Maca

Maca nyaeta ningali bari mahamkeun eusi tina tulisan, bari dilisankeun atawa dijero hate.

Jenis-jenis maca:

a.       Maca make sora sok biasa diistilahkeun membaca nyaring atawa maca tarik atawa maca tenik. Dina maca make sora aya sababaraha hal anu diperhatikeun:

1.       Lafal: jentre atawa jelas hentenatinya ngucapkeun huruf atawa aksara.

2.       Intonasi/ lentong: lagu kalimat.

3.       Ekspresi

Mimik: robah-robahna beungeut dina waktu maca.

Gesture: robah-robahna anggota awak.

b.      Maca dijero hate, dina maca din a model ieu anu digunakeun ngan unsure visual nyaeta panon. Hal-hal anu perlu diperhatikeun dina waktu maca dijero hate:

1.       Ulah make sora

2.       Ulah ngagerakkeun biwir

3.       Ulah ngagerakkeun sirah

4.       Teu meunang ngagerakkeun tikoro

5.       Teu meunang make tutunjuk atawa ngagerakkeun ramo

Secara singkat jenis maca nyaeta:

1.       Maca ekstensif nyaeta maca anu tujuanna pikeun mahamkeun eusi bacaan nu penting wungkul. Kalayan dina waktu anu gancang. Anu kaasup dina maca ekstensif:

a.       Maca survey

b.      Maca sasliwat

c.       Maca garis badag atawa ide pokok atawa disebut oge maca dangkal

2.       Maca intensif: maca anu taliti kalayan rinci. Anu kaasup maca intensif nyaeta:

a.       Maca telaah bahasa, tujuanna pikeun ngalobaan kosa kata.

b.      Maca telaah eusi, maca nu tujuanna pikeun naliti eusi bacaan kalayan lengkep. Nu kaasup kana maca telaah eusi nyaeta maca taliti, maca paham, maca krisis, jeung maca ide atawa gagasan.

20 Oktober 2010

Nulis biografi

1.       Identitas

a.       Nami lengkep

b.      Nami panggilan

c.       Tempat tanggal lahir

d.      Anak ka sabaraha tina jumlah sabaraha

e.      Nami bapa

f.        Nami indung

g.       Alamat baheula jeung ayeuna

2.       Riwayat pendidikan

3.       Riwayat pagawean

4.       Prestasi

5.       Penghargaan

6.       Jasa-jasa ka masyarakat

7.       Kaistimewaanna/ kaunggulanna

27 Oktober 2010

Sawala

Sawala nyaeta hiji gempungan pikeun ngabadamikeun hiji hal atawa masalah. Sawala biasa disebut diskusi.

Pikeun kalancaran pelaksanaan sawala, kudu dibarengan ku kaorganisasian sawala, diantarana:

1.       Panumbu catur nyaeta patugas anu fungsina pikeun ngatur, ngamimitian jeung nutup acara. Panumbu catur sok disebut moderator.

2.       Panyatur nyaeta anu ngaguar masalah dina sawala. Panyatur biasa sok disebut narasumber.

3.       Girang serat nyaeta anu tugasna patali jeung tulas tulis atawa sok disebut notulen/ penulis.

4.       Pamilon nyaeta anu milu aktif dina sawala. Pamilon sok disebut peserta.

24 November 2010

Puisi

Puisi nyaeta salah sahiji hasil karya sastra anu kauger kuwaturan. Dina budaya sunda salah sahiji wanda puisi nyaeta sajak. Sajak sok disebut puisi bebas sabab aturan-aturanna leuwih bebas ti batan puisi.

Rupa-rupa wanda sajak atawa jenis:

1.       Epik nyaeta sajak anu eusina kapahlawanan anu patali jeung asal muasal hiji tempat, kapercayaan, atawa asajarah.

2.       Sajak naratif, sajak nu  eusina hiji carita di jerona aya setting, palaku jeung watekna atawa sipatna, jeung alur carita.

3.       Sajak lirik, sajak anu nyaritakeun kaayaan batin pangarangna.

4.       Sajak dramatic, sajak anu dijerona aya monolog atawa dialog.

5.       Sajak didaktik, sajak anu eusina ngeunaan palajaran atawa atikan.

6.       Roman, kaayaan dua jalma nu silih pikabogoh.

7.       Sajak elegi, sajak anu eusina kaprihatinan.

8.       Sajak ode, sajak anu eusina pujian keur pahlawan.

9.       Sajak satirik, sajak anu eusina kritikan kana kaayaan masyarakat.

10.   Hymme, sajak anu eusina pujian ka nu maha kawasa, kacintaan ka tanah air jeung bangsa.

Semester 2



Cirri-ciri dongeng nyaeta sipatna pamohalan (teu asup akal), sumebarna kucara lisan, pangarangna teu dipikanyaho (anonym).

Definisi dongeng nyaeta carita rakyat anu eusina pamohalan.

Jenis dongeng:

1.       Farabel: dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masyarakat.

2.       Fable: dongeng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan.

3.       Sasakala: dongeng anu nyaritakeun asal-usulna kajadian barang, sasatoan, jeung tutuwuhan.

4.       Legenda: dongeng anu nyaritakeun asal-usukna kajadian tempat.

5.       Mite: dongeng anu nyaritakeun makhluk cicipta bangsaning jurig jeung siluman.

6.       Pamuk: dongeng anu nyaritakeun hiji jalma (pahlawan).

Unsur-unsur dongeng:

1.       Tema

2.       Amanat

3.       Setting

4.       Galur

5.       Palaku jeung sipatna, karakterna

6.       Point of view (sudut pandang)

7.       Nilai-nilai anu kacangkem

2 Februari 2011

Carpon nyaeta carita rekaan atawa fiksi anu nyaritakeun sabagean pangalaman hirup tokoh carita.

Unsure intrinsic carpon:

1.       Puseur implengan atawa puseur paningten atawa disebut tema nyaeta intisari carita anu mangrupa jiwa tina carita sagemblengna.

2.       Pesen: amanat pangarang nu ditepikeun pangarang melalui carita.

3.       Galur atawa plot: posisi ngamimitian carita kana puseur kajadian.

4.       Jalan carita: runtutan kajadian nu ngawangun carita.

5.       Palaku atawa tokoh the nyaeta nu ngawangun tokoh carita.

-          Protagonist: tokoh-tokoh anu watekna sae.

-          Antagonis: tokoh-tokoh anu watekna goreng.

-          Tritagonis: tokoh-tokoh anu ngabantu tokoh protagonist atawa tokoh antagonis.

6.       Karakter atawa sifat nyaeta  watek tokoh anu kagambar dina carita.

7.       Setting atawa latar

-          Tempat

-          Waktu

-          Suasana/kaayaan

-          Social

-          Budaya

8.       Point of view atawa puseur sawangan: posisi pangarang dina carita.

-          Point of view jalma ka hiji cirina aya kecap kuring atawa abdi.

-          Point of view jalma ka tilu cirina aya kecap maranehna atawa ngaran.

9.       Nilai-nilai nu kacangkem: nilai-nilai budaya, pendidikan, social anu biasana ngait jeung amanat.

Kecap rajekan anu geus make rarangken afiksasi:

1.       Prefiks/rarangken hareup

2.       Infiks/ rarangken tengah

3.       Rarangken tukang

4.       Konfiks/ gabungan rarangken.

2 Maret 2011

Bagean-bagean surat resmi:

1.       Kop surat: ngaran lembaga, alamat lembaga, lambing atawa logo instansi.

2.       Titimangsa: tempat, tanggal, bulan, jeung taun. Tempat nuduhkeun kota atawa kabupaten, tanggal bulan jeung taun nunjukkeun dikaluarkeunna surat.

3.       Nomor surat: nuduhkeun surat nu kasabaraha nu dikaluarkeun ku instansi.

4.       Perihal: pokok eusi surat.

5.       Lampiran: bagean sejen tina surat anu dikirimkeun bareng jeung surat.

6.       Sipat surat

7.       Tujuan surat

8.       Salam pembuka

9.       Bubuka eusi surat

10.   Bagean ngaguar eusi surat

11.   Panutup eusi surat

12.   Panutup surat

13.   Salam panutup

14.   Tanda tangan jeung name jelas, nu nanda tangan na pimpinan lembaga.

27 April 2011

Nyawah nyaeta melak pare disawah.

Tata cara nyawah:

1.       Ngolah sawah nyaeta ngolah taneuh atawa nyiapkeun sawah samemeh dipelakan. Tahap-tahap bagean dina ngolah sawah:

a.       Ngabaladah: timimiti ngababad jeung malikkeun taneuh sawa. Cara malikkeun taneuh sawah aya nu make pacul, aya nu make wuluku atawa singkal (ngawuluku atawa nyingkal), jeung aya nu make traktor.

b.      Ngaratakeun sawah: ngaratakeun taneuh kuara pacul biasa terus diratakeun ku suku (ngangler). Aya oge anu make garu atawa make traktor.

c.       Mopokan: nyieun jeung ngomean galengan.

2.       Tandur nyaeta melak binih pare. Tahap-tahap dina tandur:

a.       Neplak atawa nyaplak: ngagarisan sawah nu geus rata make teplah atawa caplak maksadna supados jajaran pare lempeng.

b.      Babut: nyabutan tina pabinihan.

c.       Melak binih pare

3.       Miara pare

a.       Sanggeus pare dipelak terus dicaian.

b.      Sanggeus binih pare sirungan kakara dibere gemuk biasana 5-10 poe sanggeus dipoe.

c.       Ngarambet: miceunan jukut anu deukeut pare ameh pare teu kahieuman. Ngarambet aya nu make leungeun aya nu make alat nyaeta make gasrok. Ngarambet nu kadua kalian disebut mundo.

d.      Nyemprot: nyemprot pare make serayer etateh pikeun nyemprotkeun obat atawa pupuk nu sifatna cair.

e.      Lamun pare geus beukah (kaluar kembang pare) pare kudu ditungguan sabab muncul manuk.

f.        Lamun geus areusian sawahna sok disaatan supaya ulah ayeuh.

4.       Panen nyaeta kagiatan ngala pare. Tahap-tahap panen:

a.       Dibuat: neukteukan pare ku etem atawa aya oge nu sok make arit.

b.      Misahkeun gabah atawa bangsal tina regangna atawa tina akungna aya nu make suku (diirik/ diidek) atawa nu make alat gebotan pare ditenggeulan.

c.       Gabah anu geus misah jeung gagangna terus dipoe aya nu make terpal aya nu make giribig.

d.      Bangsal nu geus garing dipisahkaeun mana nu beuneur jeung nu hapa aya nu ku nyiru ditapikeun atawa dihiliwir ku angin.

e.      Gabah nu geus garing diwadahan kana karung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar