Semester 1
21 Juli 2010
Aksara Sunda
1.
Aksara Ngalagena
2.
Aksara Vokal
3.
Angka
Angka di tulis di jero 2 garis.
4.
Tanda-tanda nu dipake ngarobah aksara ngalagena.
-
Panghulu:
gunanana pikeun ngarobah sora a jadi
sora i.
-
Panyuku: gunanana pikeun ngarobah sora a jadi
sora u.
-
Pangwisad:
gunanana pikeun nambahan sora h ditungtung.
-
Panyecep: gunanana pikeun nambahan sora
ngditungtung.
-
Panglayer: gunanana pikeun nambahan sora r
ditungtung.
-
Panyakra: gunanana pikeun nambahan sora r
ditengah.
-
Pamepek: gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora
e.
-
Paneuleung: gunana pikeun ngarobah sora a jadi
sora eu.
-
Paneleng: gunana pikeun ngarobah sora a jadi
sora é.
-
Panelong: gunana pikeun ngarobah sora a jadi
sora o.
-
Gunana pikeun ngaleungitkeun vocal.
5.
Pungutasi
a.
Tanda baca make system tanda baca latin.
b.
Tanda sambung make tanda sambung uni kode.
29 Juli 2010
-
Panyiku: gunana pikeun nyelapkeun l di tengah.
-
Pamingkal: gunana pikeun nyelapkeun y di tengah.
Kalimah sampurna nyaeta kalinah nu diwangun ku klausa bebas
tur lengkep atawa sakurang-kurangna
miboga jejer jeung caritaan. Kalimah sampurna aya dua rupa:
1.
Kalimah sampurna susun baku nyaeta kalimah anu
jejerna miheulaan caritaan .
Conto:
Udin indit ka sakola.
jejer kecap pagawean ket. tempat
2.
Kalimah sampurna susun balik nyaeta kalimah anu
caritaannana miheulaan jejer.
Conto:
Indit kasakola udin kamari.
Kalimah teu sampurna nyaeta kalimah anu diwangun ku saunsur,
jejer hungkul, caritaan hungkul atawa kecap
atawa prase bebas sejenna.
Conto:
Udin!
4 Agustus 2010
Tata wangun basa sunda
1.
Kecap asal
2.
Kecap rundayan
3.
Kecap rajekan
4.
Kecap memet
5.
Kecap wancahan
Informasi aya dua rupa nyaeta:
1.
Warta: hiji informasi anu sipatna actual
2.
Non warta: informasi anu datangna atawa ayana
kumaha kabutuhan.
29 September 2010
Maca
Maca nyaeta ningali bari mahamkeun eusi tina tulisan, bari
dilisankeun atawa dijero hate.
Jenis-jenis maca:
a.
Maca make sora sok biasa diistilahkeun membaca
nyaring atawa maca tarik atawa maca tenik. Dina maca make sora aya sababaraha hal
anu diperhatikeun:
1.
Lafal: jentre atawa jelas hentenatinya
ngucapkeun huruf atawa aksara.
2.
Intonasi/ lentong: lagu kalimat.
3.
Ekspresi
Mimik: robah-robahna beungeut dina waktu maca.
Gesture: robah-robahna anggota awak.
b.
Maca dijero hate, dina maca din a model ieu anu
digunakeun ngan unsure visual nyaeta panon. Hal-hal anu perlu diperhatikeun
dina waktu maca dijero hate:
1.
Ulah make sora
2.
Ulah ngagerakkeun biwir
3.
Ulah ngagerakkeun sirah
4.
Teu meunang ngagerakkeun tikoro
5.
Teu meunang make tutunjuk atawa ngagerakkeun
ramo
Secara singkat jenis maca nyaeta:
1.
Maca ekstensif nyaeta maca anu tujuanna pikeun
mahamkeun eusi bacaan nu penting wungkul. Kalayan dina waktu anu gancang. Anu kaasup
dina maca ekstensif:
a.
Maca survey
b.
Maca sasliwat
c.
Maca garis badag atawa ide pokok atawa disebut
oge maca dangkal
2.
Maca intensif: maca anu taliti kalayan rinci. Anu
kaasup maca intensif nyaeta:
a.
Maca telaah bahasa, tujuanna pikeun ngalobaan
kosa kata.
b.
Maca telaah eusi, maca nu tujuanna pikeun naliti
eusi bacaan kalayan lengkep. Nu kaasup kana maca telaah eusi nyaeta maca taliti,
maca paham, maca krisis, jeung maca ide atawa gagasan.
20 Oktober 2010
Nulis biografi
1.
Identitas
a.
Nami lengkep
b.
Nami panggilan
c.
Tempat tanggal lahir
d.
Anak ka sabaraha tina jumlah sabaraha
e.
Nami bapa
f.
Nami indung
g.
Alamat baheula jeung ayeuna
2.
Riwayat pendidikan
3.
Riwayat pagawean
4.
Prestasi
5.
Penghargaan
6.
Jasa-jasa ka masyarakat
7.
Kaistimewaanna/ kaunggulanna
27 Oktober 2010
Sawala
Sawala nyaeta hiji gempungan pikeun ngabadamikeun hiji hal
atawa masalah. Sawala biasa disebut diskusi.
Pikeun kalancaran pelaksanaan sawala, kudu dibarengan ku
kaorganisasian sawala, diantarana:
1.
Panumbu catur nyaeta patugas anu fungsina pikeun
ngatur, ngamimitian jeung nutup acara. Panumbu catur sok disebut moderator.
2.
Panyatur nyaeta anu ngaguar masalah dina sawala.
Panyatur biasa sok disebut narasumber.
3.
Girang serat nyaeta anu tugasna patali jeung
tulas tulis atawa sok disebut notulen/ penulis.
4.
Pamilon nyaeta anu milu aktif dina sawala. Pamilon
sok disebut peserta.
24 November 2010
Puisi
Puisi nyaeta salah sahiji hasil karya sastra anu kauger
kuwaturan. Dina budaya sunda salah sahiji wanda puisi nyaeta sajak. Sajak sok
disebut puisi bebas sabab aturan-aturanna leuwih bebas ti batan puisi.
Rupa-rupa wanda sajak atawa jenis:
1.
Epik nyaeta sajak anu eusina kapahlawanan anu
patali jeung asal muasal hiji tempat, kapercayaan, atawa asajarah.
2.
Sajak naratif, sajak nu eusina hiji carita di jerona aya setting,
palaku jeung watekna atawa sipatna, jeung alur carita.
3.
Sajak lirik, sajak anu nyaritakeun kaayaan batin
pangarangna.
4.
Sajak dramatic, sajak anu dijerona aya monolog
atawa dialog.
5.
Sajak didaktik, sajak anu eusina ngeunaan
palajaran atawa atikan.
6.
Roman, kaayaan dua jalma nu silih pikabogoh.
7.
Sajak elegi, sajak anu eusina kaprihatinan.
8.
Sajak ode, sajak anu eusina pujian keur
pahlawan.
9.
Sajak satirik, sajak anu eusina kritikan kana
kaayaan masyarakat.
10.
Hymme, sajak anu eusina pujian ka nu maha
kawasa, kacintaan ka tanah air jeung bangsa.
Semester 2
Cirri-ciri dongeng nyaeta sipatna pamohalan (teu asup akal),
sumebarna kucara lisan, pangarangna teu dipikanyaho (anonym).
Definisi dongeng nyaeta carita rakyat anu eusina pamohalan.
Jenis dongeng:
1.
Farabel: dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma
di masyarakat.
2.
Fable: dongeng anu nyaritakeun kahirupan
sasatoan.
3.
Sasakala: dongeng anu nyaritakeun asal-usulna
kajadian barang, sasatoan, jeung tutuwuhan.
4.
Legenda: dongeng anu nyaritakeun asal-usukna
kajadian tempat.
5.
Mite: dongeng anu nyaritakeun makhluk cicipta
bangsaning jurig jeung siluman.
6.
Pamuk: dongeng anu nyaritakeun hiji jalma (pahlawan).
Unsur-unsur dongeng:
1.
Tema
2.
Amanat
3.
Setting
4.
Galur
5.
Palaku jeung sipatna, karakterna
6.
Point of view (sudut pandang)
7.
Nilai-nilai anu kacangkem
2 Februari 2011
Carpon nyaeta carita rekaan atawa fiksi anu nyaritakeun
sabagean pangalaman hirup tokoh carita.
Unsure intrinsic carpon:
1.
Puseur implengan atawa puseur paningten atawa
disebut tema nyaeta intisari carita anu mangrupa jiwa tina carita sagemblengna.
2.
Pesen: amanat pangarang nu ditepikeun pangarang
melalui carita.
3.
Galur atawa plot: posisi ngamimitian carita kana
puseur kajadian.
4.
Jalan carita: runtutan kajadian nu ngawangun
carita.
5.
Palaku atawa tokoh the nyaeta nu ngawangun tokoh
carita.
-
Protagonist: tokoh-tokoh anu watekna sae.
-
Antagonis: tokoh-tokoh anu watekna goreng.
-
Tritagonis: tokoh-tokoh anu ngabantu tokoh protagonist
atawa tokoh antagonis.
6.
Karakter atawa sifat nyaeta watek tokoh anu kagambar dina carita.
7.
Setting atawa latar
-
Tempat
-
Waktu
-
Suasana/kaayaan
-
Social
-
Budaya
8.
Point of view atawa puseur sawangan: posisi
pangarang dina carita.
-
Point of view jalma ka hiji cirina aya kecap
kuring atawa abdi.
-
Point of view jalma ka tilu cirina aya kecap
maranehna atawa ngaran.
9.
Nilai-nilai nu kacangkem: nilai-nilai budaya,
pendidikan, social anu biasana ngait jeung amanat.
Kecap rajekan anu geus make rarangken afiksasi:
1.
Prefiks/rarangken hareup
2.
Infiks/ rarangken tengah
3.
Rarangken tukang
4.
Konfiks/ gabungan rarangken.
2 Maret 2011
Bagean-bagean surat resmi:
1.
Kop surat: ngaran lembaga, alamat lembaga, lambing
atawa logo instansi.
2.
Titimangsa: tempat, tanggal, bulan, jeung taun. Tempat
nuduhkeun kota atawa kabupaten, tanggal bulan jeung taun nunjukkeun dikaluarkeunna
surat.
3.
Nomor surat: nuduhkeun surat nu kasabaraha nu
dikaluarkeun ku instansi.
4.
Perihal: pokok eusi surat.
5.
Lampiran: bagean sejen tina surat anu
dikirimkeun bareng jeung surat.
6.
Sipat surat
7.
Tujuan surat
8.
Salam pembuka
9.
Bubuka eusi surat
10.
Bagean ngaguar eusi surat
11.
Panutup eusi surat
12.
Panutup surat
13.
Salam panutup
14.
Tanda tangan jeung name jelas, nu nanda tangan
na pimpinan lembaga.
27 April 2011
Nyawah nyaeta melak pare disawah.
Tata cara nyawah:
1.
Ngolah sawah nyaeta ngolah taneuh atawa
nyiapkeun sawah samemeh dipelakan. Tahap-tahap bagean dina ngolah sawah:
a.
Ngabaladah: timimiti ngababad jeung malikkeun
taneuh sawa. Cara malikkeun taneuh sawah aya nu make pacul, aya nu make wuluku
atawa singkal (ngawuluku atawa nyingkal), jeung aya nu make traktor.
b.
Ngaratakeun sawah: ngaratakeun taneuh kuara
pacul biasa terus diratakeun ku suku (ngangler). Aya oge anu make garu atawa
make traktor.
c.
Mopokan: nyieun jeung ngomean galengan.
2.
Tandur nyaeta melak binih pare. Tahap-tahap dina
tandur:
a.
Neplak atawa nyaplak: ngagarisan sawah nu geus
rata make teplah atawa caplak maksadna supados jajaran pare lempeng.
b.
Babut: nyabutan tina pabinihan.
c.
Melak binih pare
3.
Miara pare
a.
Sanggeus pare dipelak terus dicaian.
b.
Sanggeus binih pare sirungan kakara dibere gemuk
biasana 5-10 poe sanggeus dipoe.
c.
Ngarambet: miceunan jukut anu deukeut pare ameh
pare teu kahieuman. Ngarambet aya nu make leungeun aya nu make alat nyaeta make
gasrok. Ngarambet nu kadua kalian disebut mundo.
d.
Nyemprot: nyemprot pare make serayer etateh
pikeun nyemprotkeun obat atawa pupuk nu sifatna cair.
e.
Lamun pare geus beukah (kaluar kembang pare)
pare kudu ditungguan sabab muncul manuk.
f.
Lamun geus areusian sawahna sok disaatan supaya
ulah ayeuh.
4.
Panen nyaeta kagiatan ngala pare. Tahap-tahap
panen:
a.
Dibuat: neukteukan pare ku etem atawa aya oge nu
sok make arit.
b.
Misahkeun gabah atawa bangsal tina regangna atawa
tina akungna aya nu make suku (diirik/ diidek) atawa nu make alat gebotan pare
ditenggeulan.
c.
Gabah anu geus misah jeung gagangna terus dipoe
aya nu make terpal aya nu make giribig.
d.
Bangsal nu geus garing dipisahkaeun mana nu
beuneur jeung nu hapa aya nu ku nyiru ditapikeun atawa dihiliwir ku angin.
e.
Gabah nu geus garing diwadahan kana karung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar